Selasa, 02 September 2014

Warta Bahasa Sunda



Kapolda Jabar Rék Néangan Tarékah Geusan Ngungkab Kajahatan
Ku: Aura Iska
Kapolda Jabar biantara.
Potrét: jabar.tribunnews.com
(SundaNews,Garut) Mingkin dieu the dunya mingkin harénghéng. Kajahatan tumuwuh di mana-mana. Teu lalalenges deuih, dalah patugas kaamana modél pulisi jeung TNI gé réa nu milu jadi korban, boh nu dikadék boh nu ditémbak.
Geusan ngungkulan kajahatan sangkan teu beuki ngagalaksak, Kapolda Jabar, Irjén Pol Mochamad Iriawan, negeskeun yén pihakna baris ngagelar oprasi gedé-gedéan. “Dina ahir dugi ka awal taun ayeuna lumangsung sababaraha hiji kajahatan, sapertos di Kabupatén Bandung, Garut sareng Bogor. Iwal ti nyerang warga, nyerang anggota pulisi deuih, éta jalma jahat téh” cék Kapolda ka wartawan basa ngalongok Kapolrés Garut, Senén (13/1/2014).
Ku kituna, cék Kapolda kénéh, anggota pulisi kudu nindak kalayan tegas jalma jarahat téa. Nu kudu leuwih waspada deuih, lantaran antara kajahatan di hiji tempat jeung tempat séjénna teu boga rambat kamaléna. “Pokona kami baris usaha sakuat tanaga kanggé ngunkab jalma nu tos luas ngalakukeun panémbakkan,” cenah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar